B. Daerah

Pertanyaan

hidep satuju atawa henteu upama wawangsalan disaruakeun jeunh tatarucingan?naon alesanna?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Satuju umpama wawangsalan disaruakeun jeung tatarucingan. Sabab dina wawangsalan urang kudu bisa nebak eusi atawa harti tina padalisan kahiji. Sanggeus bisa nebak harti padalisan kahiji, terus urang kudu neangan hiji kecap anu aya dina padalisan kadua anu kecapna murwakanti jeung harti nu aya dina padalisan kahiji. Kukituna, coba tilik conto wawangsalan di handap ieu :

    Tempat pikeun nyimpen elmu
    kudu pinter ngeusi saku (wangsalna buku)

    Umpama nilik kana conto wawangsalan di luhur, eusi atawa harti tina padalisan kahiji nyaeta "buku". Kecap "buku" murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina padalisan kadua, nyaeta kecap "saku". Kecap buku murwakanti jeung kecap saku.

    Dina wawangsalan purwakanti antara kecap anu aya dina padalisan kahiji jeung kecap anu aya dina padalisan kadua henteu sacara jelas kaciri, tapi kudu ditilik-tilik atawa kudu ditebak, kukituna wawangsalan bisa disaruakeun saperti tatarucingan.

    Purwakanti atawa murwakanti nyaeta padeukeutna sora engang hiji kecap jeung kecap lianna. Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa sisindiran. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan, sedengkeun dina sapada paparikan jeung raraktian aya opat padalisan.

    Dina sisindiran aya bagian anu disebut cangkang jeung bagian anu disebut eusi. Dina wawangsalan padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.

    Dina wawangsalan, purwakanti kekecapan antara bagian cangkang jeung bagian eusi henteu sacara jelas kaciri, tapi kudu ditebak. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, purwakanti kekecapan antara bagian cangkang jeung bagian eusi bisa jelas kaciri.

Pertanyaan Lainnya