nyaritakeun eusi kawih
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu pati kaiket ku aturan. Anu dimaksud teu pati kaiket ku aturan teh yen rumpaka kawih anu mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan, saperti aturan anu aya dina pupuh. Sanajan rumpaka kawih henteu pati kaiket ku aturan, dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa rumpaka kawih.
Unsur-unsur anu aya dina rumpaka kawih nyaeta unsur jejer atawa tema, unsur nada jeung suasana, unsur rasa, jeung unsur amanat. Pikeun nyaritakeun eusi kawih bisa dianalisa atawa ditilik unsur amanat anu aya dina kawih. Unsur amanat atawa eusi kawih nyaeta pasualan atawa perkara anu hayang ditepikeun ku anu ngarang kawih ka anu ngaregepkeun atawa ka anu maca rumpaka kawih.
Aya sawatara lalaguan Sunda, nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Jadi, kawih mah henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Kata Kunci : Kawih, lalaguan Sunda bebas, kakawihan, tembang