B. Daerah

Pertanyaan

nu teu kaasup pancen panumbu catur dina sawala nya eta ?
A. Ngajejeran sawala
B. Mira lumngsana sawaa kalawan tartib
C. Ngalelempeng pamilin nu mengpar tina masalah nu disawalakeun
D. Ngabela salah sahiji kelompok

1 Jawaban

  • Nu teu kaasup pancen panumbu catur dina sawala nyaeta (A.) Ngajejeran sawala. Anu miboga tugas ngajejeran sawala nyaeta pangjejer. Pangjejer nyaeta jalma anu miboga tugas medarkeun atawa nepikeun jejer, makalah atawa materi sawala. Sawala hartina sarua jeung diskusi. Jadi, dina hiji sawala atawa diskusi anu leuwih resmi jeung lengkap, sok aya nu disebut panumbu catur, pangjejer, girang serat jeung pamilon.  

    Pembahasan

    Dina basa Sunda, sawala atawa diskusi teh kaasup kana kagiatan anu disebut paguneman. Paguneman nyaeta dialog atawa nyarita dua arah, silih tempas, antar dua urang atawa leuwih. Dina paguneman tinulis atawa naskah paguneman sok digunakeun kalimah langsung. Ditilik tina suasanana aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Sawala atawa diskusi kaasup kana paguneman resmi.

    Sedengkeun anu kaasup kana paguneman teu resmi nyaeta saperti nyarita atawa ngawangkong jeung babaturan atawa jeung kolot sorangan dina obrolan sapopoe. Henteu siga paguneman teu resmi, dina paguneman resmi saperti sawala mah unggal peserta sawala teh miboga tugas masing masing anu beda, saperti disebutkeun di luhur. Panumbu catur atawa moderator, pangjejer atawa pemakalah, girang serat atawa notulis, jeung pamilon atawa peserta sawala.  

    Aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun dina paguneman sangkan paguneman bisa lumangsung sacara merenah nyaeta saperti pilihan kecap atawa kekecapan anu merenah, luhur handapna sora dina waktu nyarita atawa sok disebut oge lentong, tarik launna sora atawa lafal, sarta penjiwaan dina waktu nyarita.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Definisi paguneman dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/712649
    • Manfaat paguneman https://brainly.co.id/tugas/7146957
    • Tugas pangjejer https://brainly.co.id/tugas/4589807

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : X

    Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman

    Bab : 2

    Kode : 10.13.2

    Kata Kunci : Nu teu kaasup pancen panumbu catur dina sawala

Pertanyaan Lainnya