Guguritan teh sasat ka golong Kana Wangun puisi pek jelaskeun. Naon sababna!
B. Daerah
Tiaranovti
Pertanyaan
Guguritan teh sasat ka golong Kana Wangun puisi pek jelaskeun. Naon sababna!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Guguritan mangrupa salah sahiji karya sastra Sunda dina wangun puisi sabab rumpaka guguritan kaiket ku aturan atawa patokan anu aya dina pupuh, nyaeta aturan anu digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Rumpaka guguritan kaiket ku aturan jumlah engang dina hiji padalisan jeung jumlah padalisan dina sapdana. Salian ti eta, guguritan oge kaiket ku aturan sora tungtung engang dina unggal padalisan. Aturan-aturan eta disebutna guru wilangan jeung guru lagu.
Ditilik tina wangun rumpakana, aya puisi Sunda anu kaiket ku aturan jeung aya oge puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan, wawacan jeung sisindiran. Guguritan jeung wawacan kaiket ku aturan pupuh. Sisindiran kaiket ku aturan anu aya dina sisindiran. Conto puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan nyaeta aperti sajak, mantra, kawih jeung pupujian.